Carita Kuda Kosong (1)

Carita Kuda Kosong (1)

CIANJUR. Maharnews.com - Mangsa kadaleman Cianjur aya dina kakawasaan Cirebon, harita mah tacan pati karasa kumaha peuheurna dikawasa deungeun.

Ti saprak Cirebon dikawasa ku Mataram sarta Cianjur dianggap bagian warisanana, Mataram ngaku yen Cianjur dianggap bagian tina kakawasan karajannana.

Ti wangkid harita kakara keur kadaleman Cianjur ngarasa tugenah, sabab kudu nedunan wajib seba pakaya ka Mataram.

Eta kaayaan ngajadikeun gering pikirna ka nu nyepeng kalungguhan Cianjur harita, R.A. Wiramanggala, anu julukna Dalem Aria Wiratanu II.

Tacan oge lipur tina katugenah ku Mataram, dina taun 1691, Walanda (VOC) ngutus Kapten Winkler pikeun ngabaladah kaayaan kadaleman Cianjur harita.

Dalem Ari Wiratanu II geus ngajudi yen eta the hiji tangara Walanda rek kumawasa. Ku kaayaan kitu, harita pikirdan Dalem beuki tagiwur.

Keur manteng ngumbar sawangan neang lolongkrang pijalaneun bari diuk dina korsi di rohangan pendopo, panonna mencrong jauh ka lebah kaler siga nu keur nyidik-nyidik Gunung Manangel.

Keur kitu aya dua urang lalaki anu nyampeurkeun terus unjuk salam,”Assalamu’alaikum! Sampurasun nun! “Aria Wiratanu II ngarenjag, asa kagareuwahkeun terus ngajawab,”Wa’alaikum salam! Rampes, eleuh geuningrayi dalem, yap lalinggih!” Manahoreng dua urang lalaki nu daratang teh adina, nyaeta Raden Aria Wiradimanggala anu nenehna Rade Aria Kidul.

Sedengkeun nu saurang deui Raden Aria Natadimanggala anu nenehna Raden Aria Cikondang.

Aria Kidul jeung Aria Cikondang arasup ka rohangan pendopo. Sanggeus marunjungan terus dariuk nyanghareupan anu jadi lanceukna.

Aria Kidul nyarita,”Langkung ti payun, abdi dalem pun Aria Kidul neda dihapunten wireh parantos ngaganggu Raka Dalem nu nuju raos calik.

Salajengna nyanggakeun pangbaktos, mugia katampi.” Raden Aria Cikondang nyambung pihatur , “Pon kitu deui kaula pun Aria Cikondang nyanggakeun sembah pangbakti.”

Dalem Aria Wiratanu II nyambung caritaan adina, “Pangbakti andika duaan katampi ku Akang. Atuh Akang oge menta dihampura rumasa loba pohona.

Ku sumpingna rayi duaan Akang teu ngarasa kaganggu malah kabeneran pisan ceuk paribasa tea mah, asa mobok manggih gorowong nyatana asa aya batur pakumaha.

Kiwari the pikir Akang keur tagiwur dina sajeroning ngeyeuk dayeuh ngolah cacah. Ari nu jadi lantaran, kiwari kaayaan kadaleman Cianjur keur meujeuhna didoja ku polahna bangsa deungeun anu ngaku tur arek ngawasa wewengkon urang.

Kaayaan kitu, baris ngabalukarkeun cacah urang tunggara.” Raden Aria Kidul medarkeun carita pangna datang tur nepungan, pokna,”Ngantengna tatali batin, geleserna getih sakocoran tur nyeblakna rasa, rupina gentra Raka Dalem anu nuju kenging kaewuh.

Salajengna, abdi nyampeur pun adi Raden Ari Cikondang anu maksadna bilih di dieu aya bancang pakewuh aya hanca emutaneun anu tiasa di pidamel ku abdi.”

Aria Cikondang motong carita lanceukna bari sumanget pisan,”Leres Raka Dalem, bilih aya maung ngamuk gajah meta keun kaula Aria Cikondang bagianana!Sok kantenan saupama aya anu kumawantun cumantaka ka Raka Dalem. Keur urang Cianjur diri kaula anu baris bumela.

Toh pati jiwa raga beulah dada taya bayana dapon jadi tumbal ieu nagri dina raraga ngahontal cita-cita cacah Cianjur sugih mukti.”

Aria Wiratanu II ngadangu pamadegan adina duanana kitu rarayna marahmay, hatena bungah reueus nu taya papadana. Cohagna geus henteu dingding kelir deui, paralak ngebrehkeun sakur katugenahna,”Bagja temenan Akang reueus manahoreng lain ukur beja ti batur, yen adi Akang the jalma linuwih nyatana, rayi Aria Kidul pinunjul dina elmu katatabahasaan atu Aria Cikondang punjul dina elmu kadigjayaan.

Tapi aya deui nu dipireueus ku Akang, nyatana andika duaan nyaah ka nagrina lain ukur pupulasan. Heman ka cacahna, bumela sok sanajan bari kudu nyawa tarohanana. Hatur nuhun, Rayi. Satemenna nu jadi bangbaluh keur diri Akang kiwari, mihareup leupas tina kakawasaan Mataram sabab kedah wajib seba pakaya.

Bari satemenna mah, pan urang the lain patalukanna Mataram. Pedah Cirebon geus aya dina kakawasaanana wae. Tah Akang teh nuju neang pijalaneun bari teu kedah ngalakonan perang campuh anus ok ngabalukarkeun cacah tunggara. Satemenna kiwari teh geus titimangsana urang kedah seba pakaya ka Mataram. Mung Akang teu wasa saupma kedah nyongcay hasil tatanen para cacah pikeun sebakeunenun ka Mataram. Iwal ti eta Akang teh asa katurug katutuh, dina dua dinten kapengker kasumingan utusan Walanda (VOC) nyaeta Kapten Winkler nyaritana mah mung ukur ngaroris kaayaan kadaleman Cianjur.

Mung teu mustahil upama bangsa Walanda aya niat rek ngawasa wewengkon urang. Tah kitu Rayi, nu jadi bangbaluh ka diri Akang teh.”

Ngadangu pedaran carita kitu, Raden Aria Kidul unggut-unggutan sakapeung gogodeg bari tarangna kerung. Ari sikepna Raden Aria Cikondang mah rada beda. Harita pameunteuna ngadadak geuneuk, sorot socana seukeut.

Barang Raden Aria Wiratanu II cacap nyaritana, Raden Aria Cikondang nyarita sorana bedas.”Pokna,”Raka Dalem, widian kaula pikeun ngajorag Raja Mataram, urang tangtang tarohan ku cara tarung patutunggalan! Taya halangan ngawajibkeun seba pakaya ka urang Cianjur oge saupama diri kaula dina eta tarohan bobor karahayuan .

Tapi saupama Raja Mataram ngababatang, leupaskeun urang Cianjur tina sakur wajib seba pakaya. Raka Dalem, rupina ku cara eta moal baris nunggarakeun para cacah urang.”

Aria Wiratanu II anu kawentar hiji dalem wijaksana pinunjul ngolah ngarina tarapti tata titian. Ngadangu ucap jeung patekadan Aria Cikondang kitu, sanajan bari bungah tur reueus tapi perlu menta pamanggih ti adina nu hiji deui. Jawabna, “Lamun langit ceudeum lir kaayaan pikir Akang kiwari, lamun dumadak ngempray eta kasilih ku cahyana kilat.

Ibarat pikir Akang kiwari dicaangan ku cahyana tekad sinatria nu digjaya, ngan Akang oge perlu nguping heula pamanggih ti Rayi Dalem Wiradimanggala, kumaha kinten-kintenna?”

Kedal lisan atra tur nyastra, Raden Aria Wiradimanggala ngawaler, pokna, “Rupina paralun taya kereteg ngirangan kareueus tur hormatna hususna ka Raka Dalem, oge ka Rayi Dalem Aria Cikondang anu nembrakeun kahaeman pikeun urang Cianjur.

Estu eta ketak teh baris ngaageungkeun manah balarea utamina pikeun nu di kadaleman. Namung sateuacan urang ngalaksanakeun ku wujud bitotama, rupina urang pilari heula ketak anu lian. Mamanawian aya pijalaneun anu langkung lantip, sangkan laukna beunang caina herang.”

Raden Aria Wiratanu II nyarita deui,”Rayi Dalem, paparin pun Akang pijalaneunana.” Rade Aria Cikondang nyambung catur,”Leres pisan ku kaula kapikir, saupama kedah jogol patutunggalan mah tangtu baris nandonkeun pati.

Naming palias pikeun Aria Cikondang mah, moal owel ukur kitu dapon urang Cianjur leupas tina katunggaran.” Raden Aria Kidul nyarita deui,”Pun Akang percanten pisan kana tekad Rayi Dalem.

Namung apan urang teh kedah gaduh saku dua, hartosna upama eta kamupakatan dilaksanakeun nu korban pati teh leres mung ukur saurang, kumaha upama sulaya? Di dieu baris aya perang campuh antawis Mataram sareng Cianjur anu balukarna baris seueur cacah anu perlaya.”

Raden Aria Cikondang nanya deui, “Saumpama kitu, jalan naon atuh anu panglantipna?” Raden Kidul ngajawab,”Urang sadayana parantos didasaran ku watek anu diwariskeun ku para karuhun Cianjur nyatana, dibekelan rasa iklas karna Allah, dituyun ku kajujuran, ditekadan bebenaran, dileubetan kaelmuan.”

Raden Aria Wiratanu II ngahuleng sajongjonan terus nyarita,”Upama kitu kumaha upama nganggo jalan silaturahmi? Tembrakkeun kaayaan urang naon ayana, yakinkeun kumaha bae carana sangkan eta padungdengan teh nyoko kana kamaslahatan urang kadaleman Cianjur.

Namung, rupina mios ka Mataram teh sanes bantrak-bantrakeun, iwal ti tebih, seeur euwah-euwah di perjalanan. Kitu kituna Akang baris ngutus Rayi Dalem. Margi peryogi anu parigel tata basana dina enggoning padungdengan sareng sinuhun Raja Mataram.

Pikeun tawis Rayi Dalem salaku utusan, urang damel serat ti Akang kanggo anjeunna.Prak pangdamelkeun seratna da bongan kaparigelan basa mah aya di Rayi Dalem Aria Kidul.”

Raden Aria Kidul ngajawab,”Hatur nuhun Raka Dalem parantos mercanten jisim abdi. Namung paralun henteu bade ngalangkungan Raka sareng Rayi Dalem,”Sanggeus kitu, Raden Aria Kidul nyandak kertas, kalam jeung mangsina anu saterusna ngagurut nyieun surat anu eusina kieu :

 



Tulis Komentar Facebook

Komentar Facebook

Semua Komentar

Komentar