Carita Kuda Kosong (2)

Carita Kuda Kosong (2)

Serat kalih sembah pangbakti

Medal saking iklasing wedaya abdi Dalem Sunda Kilen, kangdahat budipunggung kange senggah pasiten Gusti, kita ing Pamoyanan tepining Cianjur Aria Wiratanudatar II, mugi konjuk ing dalem sinuhun ing Mataram sasampuning kadya sapu niki.

Kebak dalem nyaksonen raga, nagri sareng isine pitik oge katur sumangga kersaning dalem. Kula darma tengga, ayahan pakulun cipta ulun kumawula sing dalu, mung nyandung adoh jeng Gusti sumangga raga pasrah.

Cacap nulis tuluy dibaca Raden Ari Wiratanu II panujueun naker ku eusi eta surat. Tapi lain deui ceuk pamikir Aria Cikondang mah. Aria Wiratanu II nyarita, “Paingan sagala rupa oge kudu ku ahlina. Aya ku endah eta basa teh, tapi ngandung eusi nu matak ngabungahkeun ka duanana, utamana keur sinuhun Raja Mataram pasti ngarasa dipunjung tur dipuja ku urang.” Raden Aria Cikondang nyempad, sorana kiwari mah rada bedas, bengeutna semu geuneuk tanggara aya rasa amarah dina dirina.

Pokna,”Teu…teu tiasa lamun urang Cianjur kudu serah bongkokan, jadi patalukan urang Mataram. Keur kula cadu mugkuk haram dempak lamun kudu mundur dina tarung.

Urang Cianjur moal ngejat di medan laga!” Raden Wiratanu II imut terus nyarita leuleuy pisan. Maksudna pikeun mepes amarah Raden Aria Cikondang. Paralak Aria Wiratanu II ngajentrekeun maksud eta eusi surat,”Heh..heh..heh.., Rai Dalem teh wawakil tur teureuh Cianjur anu leber ku wawanen, anu tara ngejat ti pakalangan , sok komo ka nu rek cumantaka ngidek-ngidek ajen diri.

Rupina Akang sapamadegan sareng Rayi Dalem narah mun kudu nyerah, namung maksad dina eta serat teh urang coba seukeutna pikir nu dilarapkeun ku aksara, urang coba seukeutna basa malar nyerep kana rasa.

Dina unggal eta serat siga eleh tapi meunang, itung-itung mikeun guguritan ditaur ku kamaslahatancacah Cianjur. Namung saupama teu metu ku eta jurus, nya ku jalan pamendak Rayi Dalem oge taya bayana.”

Raden Aria Kidul nyambung, Rupina Rayi Dalem, cacah Cianjur kiwari teu acan saimbang seueurna sareng cacah karajaan Mataram pon kitu deui dina elmu perangna. Ku ayana eta, sateuacan gaduh kakiatan perang anu saimbang, urang cobi heula ku cara babdatenan supados para cacah teu janten korban.” Aria Cikondang sabot lanceuk-lanceukna nyarita tarangna keurung bari unggut-unggutan cirri kahartieun ku dirina.

Tuluy nyarita,”Uapama kitu ku kula kaharti, ngan lamun seug neugtreug kana karepna yen kadaleman Cianjur kudu wajibseba ka manehna, kula baris nyangkalak Raja Mataram.”

Aria Wiratanu II ngarti kana tekad nu jadi adina,”Akang oge tangtu baris nyingkilkeun leungeun baju. Lamun kitu eta surat teh kudu dibarengan ku ngirimkeun siloka ku mangrupa tilu siki pare anu silokana kahirupan, tilu siki pedes jeung cabe silokana sanajan kadaleman Cianjur dianggap leutik tapi lamun dicampelak bisa malik lir ladana pedes jeung cabe.

Tah kitu, mangka sing hade-hade ngareka basana malar ku Raja Mataram kahartoseun. Ku kituna kumaha upami Rayi Aria Cikondang nu diutus ku Akang? Ngan sanes tarung kadugalan, ieu mah tarung carita jeung basa.

Raden Aria Cikondang langsung nolak, dirina teu sanggupeun lamun kudu ngadu catur mah. Pokna,”Hapunten anu kasuhun, sanes baha ka Raka Dalem, naming apan sanes kanten oge kedahku tukangna.

Dina ngadu catur, ngareka bas amah pan Raka Aria kidul upami jogol bagian kula” Aria Wiratanu II bungah ngadangu ucapan Aria Cikondang anu ngarti kana maksud eusi surat jeung tujuan ngadatangan Raja Mataram. Ku kituna ngutus Aria Kidul pikeun nepikeun sarta micatur ka Raja Mataram.

Sanggeus undur ti pendopo laju ngayakaeun bebekelan pikeun miang ka Mataram. Teu kaliwat sababaraha urang lalaki pinilih pikeun pangaping. Sanggeus sagalana beres kaasup kuda jalu anu bedas tur sehat sangkan hasil sakur rek diseja, ilaharana Cianjur harita sok ngayakeun pangajian sarta ngadu’a bareng munajat ka kersana murbeng alam, Allah SWT.

Singget carita, Raden Aria Kidul katut rombonganana undur ti Tatar Cianjur ngajugjug Karajaan Mataram. Anggangna ti Cianjur ka Mataram horeng lain bantrak-bantrakeun. Sanajan bari henteu salawasna badarat da puguh mawa kuda, tapi sakitu geus puguh sapuluh poe tacan cunduk keneh bae ka nu dijugjug.

Sok sanajan bari kitu sakabeh utusan Dalem Cianjur taya basa ngarasula panceg ngemban amanatna. Dina pikirna ukur hayang geura tepung bari hasil mawa beja kabagjaan keur balarea. Horeng nanaon oge ari ku keyeng mah tangtu pareng.

Harita oge para utusan Dalem Cianjur anu diluluguan ku Raden Aria Kidul geus cunduk ka nu dijugjug. Lebah tapel wates karaton Mataram, harita katingal aya sababaraha urang ponggawa anu keur mancen jaga.

Barang geus pahareup-hareup, Raden Aria Kidul unjuk salam, para ponggawa Mataram ngabageakeun anu diteruskeun ku nalek tur mariksa. Sanggeus para ponggawa yakin kana niat hade utusan Cianjur, harita dianteur pikeun tepung jeung sinuhun Raja Mataram.

Lebah gapura di buruan pendopo, gulang-gulang ngabageakeun. Sanggeus kitu tuluy mere pituduh tata-titina nu lumaku di Mataram lamun hayang tepung reujeung sinuhun rajana. Teu kungsi lila kabeh ngabring ngajugjug pendopo karajaan Mataram.

Di lebah tepas pendopo, para utusan Cianjur dititah ngadagoan bari istirahat. Teu sawatara lila jol aya nu datang, manahoreng Sinuhun raja Mataram. Sinuhun Raja Mataram sanggeus ngabageakeun terus nalek ka para tamuna.

Upama disundakeun tea mah kieu,”Haturnuhun para tamu utusan kadaleman Cianjur, kula samemehna geus meunang beja ti ponggawa yen baris kadatangan andika sakabeh.

Aya kapentingan naon ka diri kula pangna jauh dijugjug anggang diteang?” Raden Aria Kidul ngagengsor ka harapeun Raja Mataram, terus nyarita ngawanohkeun anu disambung medar pamaksudanana bari teu poho mikeun bukti utusan Cianjur ku mangrupa surat jeung tutungkusan siloka kayaning serah, pedes jeung cabe anu masing-masing lobana tilu siki.

Aria Kidul nyarita,”Hatur anu kapiunjuk ka payuneun dampal Gusti Sinuhun Raja Mataram sembaheun abdi sadaya. Abdi pun Aria Wiradimanggala nenehna Aria Kidul.

Dupi itu sadaya anu nyarengan para abdi dalem ti Cianjur pada hoyong ngiring pajarkeun teh hoyong patepung lawung patepang raray sareng nu dipihormat nyatana Pangersa Gusti Mataram.

Abdi gusti dijurung ku pun lanceuk pun Aria Wiratanu II kanggo ngadugikeun sembah pangbakti, kahatur kersa Gusti Sinuhun Raja Mataram. Tawis jisim abdi dijurungan pun lanceuk kakang Aria Wiratanu II, nyanggakeun ieu serat kalih tawis tumut satuhu ieu siloka haturan Pangersa Gusti.”

Raden Aria Kidul mikeun surat jeung nu liana ka Sinuhun Raja Mataram, tuluy muka tutungkusan siloka. Tarangna dikerungkeun tanda keur mikiran eusi tina eta siloka saterusna maca surat. Duka teuing naon anu asup ka pikir tur hatena, nu katempo mah sajeroning maca eta surat ukur unggeuk-unggeukan bari ngeyembeng cipanaon.

Sanggeus tamat macana, Sinuhun Raja nyarita semu dareuda, pangandikana,”Dedeuh teuing Wiratanu, nyaah teuing cacah Cianjur. Sakabeh nu dimaksud tina eusi surat jeung tutungkusan siloka, diri kula ngarasa diajenan, diri kula dijembarkeun ku eusi eta surat tapi aneh, hate kula ngarasa dileyurkeun ku endahna basa kajujuran.

Aria Kidul bejakeun ka lanceuk anjeun nu jadi Dalem, kula ngarti kula surti, Cianjur nu tacan nanjeur tcan wajib kudu seba ka kula. Malah rasa hurmat urang Cianjur geus leuwih gede hartina batan seba dunya nu teu sabaraha.

Ku kituna urang Cianjur bebas tina wajib seba ka Mataram. Prak tatan-tatan pikeun mulang deui ka Cianjur, tuh kuda nu jangkung tur gagah pek bawa keur batur di perjalanan.

Tarima ieu keris pusaka kula pikeun buktika Wiratanu yen andika geus tepung jeung diri kula, anggap bae eta keris the diri kula anu nepungan Cianjur. Perjalanan Mataram ka Cianjur the kawilang cukup anggang, kudu ngalaman heula mipir pasir mapay alas anu teu kurang begal rek neangan mangsa.

Tembongkeun eta keris cumantaka ka anu baris dipiharti ku kabeh begal, lamun dirina kudu wani nyanghareupan wadyabalad Mataram.

Song Raja Mataram ngasongkeun hiji keris nu perahna ditaretes ku inten berlian. Ku Raden Aria Kidul ditarima bari ijab nyarita,”Abdi Gusti nampi titipan ieu pusaka, nya kitu deui abdi nampi rupining amanat ti Gusti Panjenangan.

Kajembar manah Gusti kaasih Gusti ka abdi-abdi sadaya ti Cianjur, estu abot nyuhun abot nanggung abot pikeun ngawalesna, mung tiasa ngawangsul ku kasaean Gusti ka Nu Kawasa nu nyipta urang sadaya nyatana ka Allah SWT.

Nu Kawasa nu nyipta urang sadaya nyatana ka Allah SWT. Mugia gusti panjenangan ditangtayungan salawasna.”



Tulis Komentar Facebook

Komentar Facebook

Semua Komentar

Komentar