Carita Kuda Kosong (Tamat)

Carita Kuda Kosong (Tamat)

Sanggeus seren tampi keris pusaka, Aria Kidul amitan pikeun mulang deui ka Cianjur. Di buruan pendopo geus disampakkeun rupaning pibekeleun di jalan kaasup kuda gagah.

Manahoreng eta sakabeh bebekelan keur mulang ka Cianjur geus disiapkeun ku sababaraha urang abdi Raja anu diparentah ku juru simpen karajaan anu hideung sabada ngadangu jangji Rajana ka tamu ti Cianjur.

Sanggeus kabeh dianggap merenah, Aria Kidul katut rombonganana ngabring marulang ka Cianjur. Dina sajeroning perjalanan, taya halangan-harungan da puguh cukup bekel.

Dina sakali-kalieun pasarandog jeung begal oge taya nu wanieun ngarangsadan, galimireun ku nenjo keris pusaka Mataram nu diacungkeun ku Raden Aria Kidul.

Nu lumampah kebat ngulon teu ngarasa geus anjog deui ka tapel wates wewengkon Cianjur. Para cacah ibur yen para utusan Dalem Cianjur nu dijurung ka Mataram geus marulang bari mawa kuda jangkung nu beda jeung kuda nu aya di Cianjur.

Harita beja pabeja-beja, aya nu ayeuh-ayeuhan ngabageakeun, aya oge anu hideung mangnepikeun ka kadaleman Cianjur, nu antukna tepi ka pangdangu Raden Aria Wiratanu II.

Gancang carita, Dalem Aria Wiratanu II ngeprak para abdi dalem katut kulawargana pikeun ngabageakeun Raden Aria Kidul saparakanca anu kakara mulang ti karajaan Mataram.

Di tapel wates pendopo kadaleman Cianjur, Raden Aria Wiratanu II katut rengrenganana geus nganti pikeun ngabageakeun. Pon kitu deui rombongan anu rek dibageakeun geus anjog ka parapatan jalan wetaneun pendopo Cianjur.

Hawar-hawar kadenge para cacah anu ayeuh-ayeuhan ngajajapkeun Raden Aria Kidul saparakanca ka kadaleman.

Barang rombongan geus rek tepi ka tapel wates pendopo, katingal di lebah gapura rentul ku jalma. Barang geus deukeut manahoreng Dalem Aria Wiratanu II katut rengrenganna.

Ningali kitu, Raden Aria Kidul gancang turun tina tonggong kudana sabab nu ngabageakeun eta mah lain cacah tapi lanceukna, Dalem nu keur nyepeng kalulunguhan Cianjur harita.

Nurutkeun tata-titi urang Cianjur harita, pardu mihormat ka sasama sok komo ka Dalemna. Sanggeus narima pangbagea ti dalem saparakanca, terus ngalabring ka pendopo pikeun medar hasil padungdengan jeung Raja Mataram. Kudu pamere, ditarungtun ku para abdi dalem ka hiji istal kuda anu maranti.

Gancang carita, Raden Aria Kidul ngaguar sakabeh pangalamanana dina mangsa diutus ka Mataram, ditetek taya nu kaliwat. Sok komo ngeunaan leahna hate Raja Mataram anu nepikeun ka ngabebaskeun wajib seba, iwal ti eta keris pusaka laju diserenkeun ka rakana.

Kuda ti Mataram, dumasar tina rasa kareueus sarta nganggap kuda eta teh pohara gede jasana mangsa merangan di perjalanan, Dalem marentahkeun ka para abdi dalemna kudu dirawat dihade-hade.

Dina poe isukan, kadaleman Cianjur ngayakeun sukuran anu kawilang rongkah, maksudna itung-itung pakaulan dumeh geus hasil anu dimaksud, para cacah Cianjur leupas tina wajib seba banda ka Mtaram.

Ku di berena hiji kuda ti Mataram tur eta kuda the mahiwal ti kuda ilaharna nu aya di Cianjur, teu burung ngondang kapanasaran balarea nu hayang nempo di kieuna. Dalem Aria Wiratanu II wijaksana, keur nyumponan kapanasaran para cacahna nya ngararancang pikeun midangkeun kuda kareueusna.

Sanggeus sagalana tarapti, kuda dirarangkenan ku pakean kuda nu ngahaja dijieun. Sanggeus didangdanan, tuluy dokongkoyangan ku puluhan mangle, runtuyan kembang malati. Sanggeus sagala rupana merenah, gulang-gulang, ponggawa, kaasup nu mayungan kuda, nungtun eta kuda kareureus pikeun dikurilingkeun ka sabudereun dayeuh Cianjur nu disebut diangin-angin.

Nu dipalar balarea nyaho sarta nempo langsung kuda ti Mataram nyumponan kapanasaran sakabeh cacah Cianjur.

Horeng midangkeun kuda ti Mataram teh teu cukup ku ukur sapoe harita, da loba keneh cacah Cianjur nu teu kaburu nyaksian. Ku lantaran kitu, Dalem Aria Wiratanu II nyieun acara anu maneuh pikeun ngangin-ngangin kuda heuleutna sataun sakali dina mangsa ngabageakeun poe karamat Islam.

Ku lantaran midangkeun kuda bari tara aya nu numpakan nya para cacah Cianjur nyarebutna “Kuda Kosong”.

Jaman ngageser, kabiasaan manusa pge milu robah. Taun 1945 Indonesia leupas tina jajahan Walanda. Ku kituna, iring-iringan kuda kosong ditetepkeun sataun sakali dina raraga ngabageakeun poe kamerdekaan Indonesia saban tanggal 17 Agustus.

Tah kitu carita ngeunaan kuda kosong di Cianjur. Ngan saprak teu diayakeun ti taun 1997, balarea ngarasa leungiteun. Sanajan kiwari diayakeun deui, tapi dangiangna beda jeung “Kuda Kosong” nu baheula.

Cianjur,24 Oktober 2009

Dikutip dari buku dongeng Asal Usulna Hayam Pelung karya Tatang Setiadi, yang mendapatkan penghargaan Sastra Rancage Tahun 2012.



Tulis Komentar Facebook

Komentar Facebook

Semua Komentar

Komentar