Sasakala Gunung Padang

Sasakala Gunung Padang

CIANJUR. Maharnews.com - Jaman baheula samemeh di Tatar Sunda jeung di Jawa aya karajaan, eta wangunan teh geus ngadeg.

Ceuk beja eta wangunan teh diadegkeun dumasar kamupakatan kaum religi sadunya anu maksudna pikeun tempat mujasemedi keur sakur manusa anu kawilang luhung elmuna dina enggoning hate ka Nu Murbeng Alam, nu dipalar pikiranana jadi tingtrimtur caang narawangan.

Pangna diwangun di eta tempat, iwal ti meunang ngitung-ngitung teh, oge dijadikeun tetengger munculna hiji daratan tina beungeut laut anu kiwari disebut pulo Jawa. Kacaturkeun pupuhu nu ngawasa eta wewengkon, baheula, keur merbayaksa atawa kumpulan jeung sababaraha urang abdina. Pok eta pupuhu teh nyarita sorana gentem agem wibawaan, “Hem..hem..,warga kula nu satia, coba ka darieu, kula rek ngajak sawala anu kawilang daria”.

Para abdi marunjungan bari nyebutkeun ngaran dirina masing-masing. Ceuk nu saurang,”Kaulanun, sim kuring Kurulembu, nyanggakeun saembah pangbakti, mugi katampi”. Ditemapas ku nu saurang deui, “Teu kakantun sim kuring oge, Lagenasuta nyanggakeun pangbage”. Nu ngaku ngaran Ki Kadawal tur Kidiwil oge Ki Nolednad, embung kaliwat nyambung catur. “Sim kuring Kadawal ti LSM lingkungan nu harirup, nyanggakeun sembah”. “Kuring Kidiwil ti LSM seni tradisi seren bakti nun…heh..heh..heh.

Ki Nolednad anu pangawakanna ngajungkiring lir bangbarongan nembrong ngomong, “Huah..hah..hah.. hamba Nolednad ti Bagdad, nagrina dongeng sarewu hiji pawewengi, nu kawentar carita Udin jeung jin. Huah..hah..hah..hah”. Ki Kadawal nyempad pokna, “Hey,Wan Nolednad! Abong bangsa Badewi, ari dongeng ti Bagdad mah Aladin jeung jin. Udin jeung jin mah ti Gunung Kidul.” Nolednad nembal embung eleh, pokna, Hah..hah..hah, maksad hamba the, eta ngan salah empod, huah..hah..hah..”.

Pupuhu nyambung deui caritaannana,”Pangbakti andika sakabeh katarima ku kula”. Kurulembu tumanya, “Aya pikersaeun naon, nun pangna ngempelkeun abdi-abdi sadaya?”. Pupuhu ngajawab,”Kieu geura, ieu tempat teh diwangun dumasar kamupakatan balarea tur di wewengkon ieu pisan maksad kula. Kahiji, ieu tempat teh jadi tetengger ku ayana daratan anu pohara legana anu samemeh mah sagara, tah nu mimiti muncul ka alam caang teh pan wewngkon ieu pisan jeung sabudeureunana.

Anu kaduana, ieu wangunan teh dijieun pikeun puncakna nu nyaangkeun pikir dina enggoning mujasemedi. Matak di ieu puncak wangunan teh iwal ti rempag pakakasna, oge diembohan ku waditra gamelan, nu dipala sangkan anu sakur anu mujasemedi leuwih anteb. Maksud kula di dieu, ieu wangunan teh can dibere ngaran. Naon kira-kirana sangkan balarea gampang nyebutna?”.

Lagenesuta ngajawab,”Bawiraos sim kuring mah, ieu tempat teh disagedengeun pangpayunna muncul ka alam caang, oge janten tempat pikeun anu bade nyaangkeun pikir, caang teh pan padang…., kumaha upami wangunan teh dinamian padang!?”. Kurulembu ngebrehkeun kapanujuanana, “Leres pisan,eta hiji cirri anu sae.”Anu liana oge nandeskeun kapanujuaanana,”Akur…,panuju…,panuju!”. “Hah…hah..hah, hamba sapakat,…”ceuk Ki Nolednad.

Tapi Ki Kadawal nyempad,”Mangke heula Lur, ulah dapon sapakat. Bagja jeung cilaka waluya jeung sangsara, ngaran di antarana nu jadi sare’at. Pupuhu motong obrolan, “Bener pisan, ulah sagawayah nunda ngaran mun haying tetep waluya, matak bantuan kula rek mujasemedi pikeun muru anu rahayu”. “Mangga, mangga…, “sakabeh saur manuk.

Pupuhu reup peureum, rep sidakep sinuku tunggal. Pupuhu jeung abdi-abdina menekung ka Nu Agung, nutup panon, muka hate niat panceg ka Nu Hiji nyiar ilapat pingaraneun. Kieu upama dipedar ku pupuh kiwari mah.

Duh Gusti Nu Maha Suci

Sembaheun abdi sadaya

pangnuduhkeun ngaran sae

sangkan aya kamulyaan

naon pieucapeunana

nu di palar balarea

miwanoh gampil nyebatna

Sanggeus tilu peuting ka tompernakeun, ti eta wangunan aya cahaya anu ngagebur patingbarasat patingburinyay. Peuting nu jempling tur poek mongkleng diganti ku langit nu jadi caang padang.

Masyarakat sabudeureun eta wewngkon ibur pada daratang pikeun nyaksian kajadian langka, peuting nu poek mongkleng kasilih ku caang padang. Tah ti wangkid harita, sakumna masyarakat nyebut eta patempatan,”Wangunan Padang”. Sabada jadi ruruntuk tur jadi gunung, ngaranna diganti jadi”Gunung Padang”.

Dikutip dari buku dongeng Asal Usulna Hayam Pelung karya Tatang Setiadi, yang mendapatkan penghargaan Sastra Rancage Tahun 2012.



Tulis Komentar Facebook

Komentar Facebook

Semua Komentar

Komentar