Ngopi Sembari Update Informasi - Berita

Babad Cihea

Lalampahan Pangeran Nampabaja, Pangeran Lirbaja (1)

Babad Cihea

Noemoetkeun dongengna para sépoeh di Tjihea, noe kapilih koe Soeltan Agoeng pakeun milari tanah pikolonieun di girangeun Tjitaroem teh njaeta toeménggoeng Nampabaja saréng rajina Tuménggoeng Lirbaja. Ieu raka raji angkatna ti Mataram, ngan diiring koe doea panakawan, njaeta Najakérta saréng adina Najakérti.

Eta opat oetoesan teh di Mataramna oge estoe kamashoer ka awoen-awoen kawéntar kakontjara, ngadji elmoe ti lélémboet di adjar doegal ti boeboedak. Koelantaran toeménggoeng Nampabaja saréng Toeménggoeng Lirbaja teh toeroenan Pangeran, malah ka Pangeran Poerbaja (anoe katjarioskeun dina babad Batawi). Oge tjakét keneh pisan, disarébatna di Tjihea teh Pangeran bae, njaeta Pangeran Nampabaja saréng Pangeran Lirbaja.

Eta doea menak ka opat panakawan, angkatna teh estoe kabalangsak pisan, tjatjak oepantén di boedak djaman ajeuna mah palangsiang moal hasil noe dimaksoed, rehing tatjan aja djalan géde sapértos anoe ajeuna dadamélanana G.G.Dandels. 

Ieu mah anoe di anggo djedjer di djalan teh ngan djalan satapak, aboes ka leuweung ganggong sima gonggong, toeroet aloer-aloer badak. Pangeran Nampabaja saréng Pangeran Lirbaja ngestokeun kana dawoeh Goestina teh, estoe nandonkeun pati, sarta andjeunana gadoeh patekadan, lamoen atjan hasil sadawoeh Goestina, moal sédja moelang malar pamoedji anoe tanpa boekti, kalah ka loba tjarita, ieu mah hajang hasil saréng boektina.

Ngawitan andjeunna mios teh ti Mataram kébat ngoelon ka Banjoemas, ti Banjoemas, téras ngaler ka tegal ti Tégal lémpéng ngoelon bras ka Tjirébon.Tjirébon ka soemédang ti Soemédang ka Parakan moentjang ti Parakan moentjang téras ka Madjalaja  - Tjiparaj - Manggahang-Banjaran- Soreang- Tjipatik djol ka Batoelajang.

Sadjalan-djalan eta doea Pangeran kalintang di hormat-hormatna koe Dalém- Dalém anoe kasarandog ménéran kalangkoeng pidjalaneun andjeuna, komo di Dalém Batoelajang mah.

Malah di dinja ngantjrékna rada lami. Dina waktos eta, Dalém –Daléma noe kalangkoeng koe eta doea Pangeran teh, sadajana parantos toendoek démpak ka Soeltan Mataram, djadi koe di hormat-hormatna eta doea Pangeran teh henteu ngadjadikeun helok atawa ngadjadikeun kaget. 

Kitoe deui Dalém Batoelajang, ka eta doea Pangeran, katjida ngahormat ngadama-dama. Henteu bentén  saréng kasoempingan Soeltan Mataram koe andjeun.

Waktos eta Dalém Batoelajang, hidji Dalém anoe mashoer ka awoen-awoen kakontjara mantja nagara, tina kadigdjaanana, sareng bisa ngeutjeuk Dajeuh ngukir nagri, sarta djadi hidji dalém anoe patempatanana pangkoelon-koelon na di bawahan Karadjaan Mataram djadi sakoeloneun Batoelajang mah hénteu aja deui. 

Dalém, ngan woengkoel leuweung  gélédégan, anoe top maoeng top badak, eusina setan doeroewiksa, djin marakajangan. Kitoe deui Dalém Batoelajang, anoe djadi toengtoeng saoer kémbang tjarita taja sanes moeng kaajaan di leuweung ganggong, anoe pérnahna disakoeloneun tjépéngan Dalém Batoelajang. 

Panghormatna Dalém Batoelajang ka eta doea Pangeran, anoe ngaleuwihan ti Dalém-dalém sadajana di wéwéngkon bawahan Pasoendan, malah waktos harita mah kamashoerkeunana teh, dongkap ka pestana teh noe ajeuh-ajeuhan rame taja tandingna, kieu tjaritana sépoeh-sépoeh dina djaman harita:

Waktos Pangeran Nampabaja saréng Lirbaja liren di Dalém Batoelajang, andjeunna kenging wartos, jen tanah Tjihea teh, (noe harita mah teu atjan di ngaranan Tjihea, malah koe Dipati oekoer ka tiloe dina taoen 1625 di hidjikeun saréng Tjoeroegagoeng), katjida pisan wéritna, malah aja hidji karaton, noe di linggihan koe hidji Radja kadjinan. Lintang ti eta seueur sasatoan noe garalak, komo badakna mah.

Di Batoelajang koe Pangeran Nampabaja saréng Lirbaja kaoeninga, jen Tjitaroem-girang teh, pérnahna mengkol ngetan. Djadi ana kitoe, tanah Mataram teh, lain beuki ngaroebakan, tapi ngaheureutan.

Koelantaran kitoe Tjitaroem teh hénteu beunang dipake watés antara Mataram djeung Bantén, djadi anjeuna kédah milari deui piwatéseunana, noe sabisa-bisa nambahan légana djadjahan Mataram. Saparantos kenging sawatara lamina Pangeran Nampabaja saréng Lirbaja. (Nyambung)




    Berita Terkait


Tulis Komentar Facebook

Komentar Facebook

Bijaksana dan bertanggung jawablah dalam berkomentar, karena sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE