Babad Cihea II

Lalampahan Pangeran Nampabaja, Pangeran Lirbaja

Babad Cihea II

Saparantos kenging sawatara lamina Pangeran Nampabaja saréng Pangeran Lirbaja ajana di Dalém Batoelajang téras amitan bade mios ngalajeungkeun lalampahan ngémban timbalan Soeltan Mataram.

Saparantosna kawidian koe Dalém Batoelajang, nja téras mararios, sarta Daleum Batoelajang oge ngadjadjapkeun dongkap ka pépéntasan Tjitaroem. Pangeran Nampabaja saréng Pangeran Lirbaja ka opat Panakawan Nadjakérta saréng Nadjakérti, kebat noeloejkeun lalampahanana toeroen goenoeng oenggah goenoeng njorang lébak njoekang pasir  ngaliwat kana moemoenggang, njorang djalan terobosan anoe taja lidig-lidigna oeroet kasorang koe manoesa.

Kawit di Batoelajang dipaparah ngaler ngetan djol ka Tjoerugagoeng, téras ngoelon ngaler djol ka Tjikalong Bandoeng (oepantén pingaraneun témpat djaman ajeuna) téras ngoelon ngidoel bras ka sisi Tjitaroem palébah Leuwiliang, téras sadajana mararentas saparantos salse mentas téras lébét ka leuweung gélédégan nja bras ka leuweung Tjihea.

Barang boes ka leuweung Tjihea, eta doea Pangeran kaopat Panakawan, teu wéleh-wéleh ngadjuda jeung sato galak, anoe harita djadi pangeusina leuweung Tjihea, tapi sadajana oge boro kateter tea, teu bentol-bentol atjan malah djadi kabungahan bae noe aja tjek baroedak djaman ajeuna tea mah”SPORT”.

Di Tjihea Pangeran Nampabaja saréng Pangeran Lirbaja katoet panakawana njoektjoek Tjitaroem kahilirna, gok saréng hidji  moeara di sisina eta moeara, seuseur tangkal kai noe ngarana kai hea. Téras bae eta waloengan. noe ngamoera ka Tjitaroem noe di ngaranan Tjihea. Sarta tjek manahna eta doea Pangeran, pantés oepami eta waloengan teh di dameul tapél watés. 

Tidinja eta doea Pangeran teh njoetjroek-njoetjroek Tjihea, barang ngaleret kasisi tjai bet aja hidi batoe noe aja dina palataran résik pisan, téras arandjena handjat, margi eta batoe teh pantés pisan oepami di anggo tjalik, sarta aja panjarandeanana namtjep kawas toetoenggoel. Pangeran Nampabaja saréng Pangeran Lirbaja tjaralik dina eta batoe, maksadna liren lantaran panon poe geus meh soeroep.

Dongkap kakiwari  eta leumboer teh di namian Batoenoenggoel. Koelantaran Pangeran Nampabaja saréng Pangeran Lirbaja ngaraos leusoe, rep bae karoelém dina eta batoe sisi Tjihea. Nja kitoe deui Najakérta saréng Najakérti nareangan témpat pakeun ngaso, nja manggih di tonggoheun eta batoe, noe pernahna rada anggang sarta rep deui sarare.

Teu mangkoek sawatara lamina, geus hujan noe mani ngagebret kawas beunang njitjikeun ti langit bae gélap dordar. Dadak sakala Tjihea caah mani ngagoelidah tjaina oempal-oempalan.

Tapi Pangeran Nampabaja saréng Pangeran Lirbaja mah djongdjon bae karoelém nja kitoe deui Najakérta saréng Najakérti noe aja di tonggoh njalégrek bae salare.

 




Tulis Komentar Facebook

Komentar Facebook

Bijaksana dan bertanggung jawablah dalam berkomentar, karena sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE