Ngopi Sembari Update Informasi - Berita

Jayasasana Medal Sila

Jayasasana Medal Sila

Foto : Rd Jayasasana/Aria Wiratanu Datar/ Mama Dalem Cikundul


CIANJUR.Maharnews.com - Urang nyukcruk lampahna karuhun tuturus Tatar Cianjur, tereuh Sumedanglarang, carita Jayasasana. Nalika harita lungsur ti gunung, medal sila ti paguron ngancik di Cirebon, kenging pangaping ti Sunan Jati, wali sakti nu sayakti.

Amanatna kedah nyebarkeun ajaran agama islam. Harita Raden Jaya Sasana mipir pasir mapay jungkrang, nganteur laku saba desa. Lampahna kebat ngulon estu teu puguh nu dijugjug nu tangtu ukur nuturkeun indung suku.

Di satengahing jalan anu simpe di tutugan batu agung, aya hiji batu ngampar nu kacida gedena. Kalacat Raden Jayasasana naek kana eta batu. Jorojoy kataji, hatena ngagerentes,”Bangunna ieu batu teh tumaninah pikeun menekung ka Nu Agung, ka Allah Anu Kawasa sugan bae meunang bongbolongan dina enggoning nyebarkeun ieu amanat.”

Gancangna carita, Raden Jayasasana nedunan niatna pikeun neda pituduh pilampaheun. Teu karasa yen lalampahanna teh geus meakeun puluhan poe. Dina waktu opat puluh poe ka tompernakeun, sajeroning menekung antara ngimpi jeung nyaring, harita kadatangan tilu urang wujud putri. 

Eta tilu putri teh lelewana matak ngaruntagkeun kategeran hatena. Enya pisan…hatena leeh, terus nanya ka eta tilu putrid. Basana teh,”Opat puluh poe karasa tiis,opat puluh peuting moek mongkleng, bagja temenan kula dicaangan ku mamanisna tilu cahaya dihaneutan ku heabna kaendahan. Saha andika, timana asal tur saha nya kakasih?

Tilu putri ngajawab bari nyebutkeun ngaranna masing-masing. Nu kahiji nyarita,pokna, “Duh …biang…biaaang..aya bagja nu pohara, aya rasa nu nyalira, ku nu kasep hade wanda lir satria Kamajaya. Nepangkeun abdi nun, nu katelah pun Dewi Arum Endah.”

Putri nu kadua jeung nu katilu mairan, “Teu kakantun abdi ge Dewi Arum Sari, kahoyong mah nitip asih manwai katampi.”Mending ka abdi kulanun…pun Dewi Arum Wangi. “Nu bungsu embung eleh. Jayasasana bungangang, bingah ngadangu jeung ningali lelewa eta tilu putrid. 

Barang rek ditaros deui manahoreng eta tilu putrid the datangna ukur saliwatan, diganti ku janggelekna hiji putrid anu leuwih geulis, cenah mah putrid jin. Hiji-hijina putrid Raja Jin Islam anu Syeh Jubaedi ti karajaan jin Ajrag. Eta putrid jin the kataji ku pancegna niat Raden Jayasasana dina enggoning nyubadanan amanat ti guruna.

Paninggal putri jin jeung nu jadi ramana, tina sakujur awak Raden Jayasasana kaluar cahaya anu ngagebur nepi sabudeureun eta wewengkon katingalina caang. Raja Jin anu dipuntangan tulung ku putrina anu kasengsrem ku Jayasasana, harita nyumpingan Jayasasana pikeun dipulung jadi mantu.

Raja jin nyarita,”Jayasasana, kula reeus ku tekad andika, kula reeus ku kabersihan niat andika jeung kula kataji ku gagahna andika. Pantes anak kula katarik ati kapentang asmara jeung kula moal cangcaya lamun andika diparengkeun jadi pangeusi nagara kaula. Ku kituna kula menta kasadian andika pikeun dipulung mantu, direndengkeun jeung putrid kula anu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina.

Raden Jayasasana harita ngagebeg hatena,”Ha..ha..ha alakadala, asa mobok manggih gorowong, aya catang komo meuntas. Ilang tilu nu salangkung, datang hiji pibagjaeun. Geulisna leuwih punjul tinu tiluan tadi. Raden Jayasasana nyarios pokna, “Alakadala, Ki Sanak, satemenna kula oge katarik ati ku putrid andika ngan kudrat ti Nu Kawasa geus nangtukeun yen kula  hiji manusa nu hirup di alam nyata”.

Raja jin nembal,”Tong melang! Kula teh salah saurang Raja Jin nu ngaran Syeh Jubaedi ti karajaan jin Ajrag. Pan ceuk beja ge mahluk sakti aya dibangsa kula, kari aya kasanggupan ti andika pikeun dikawinkeun,jeung putrid kula”. Raden Jayasasana ngawaler,”Saumpamana kitu, taya bayana kula satuju dipulung mantu ku andika,”.

Singget carita masyarakat jin ibur, beja pabeja-beja yen aya teureuh manusa nu rek dipulung mantu ku rajana. Nepi ka waktuna Raden Jayasasana ditikahkeun ka eta putrid jin, nagri jin Ajrag ngayakeun hajat rongkah opat puluh poe opat puluh peuting. 

Semah-semah nu nyambungan balakacekrakan diwuwuh ku ngeungkeungna gamelan degung kabuyutan jin Ajrag. Sanggeus pesta wekasan, Raden Jayasasana dijenengkeun jadi raja di nagri jin Ajrag. 

Tapi sateuacanna kedah ngalangkungan heula syarat anu ditangtukeun ku raja jin Syeh Jubaedi, nyaeta kedah kagungan heula tilu putra  tina hasil rumah tangga jeung putrana tur dina mangsa tilu jabang bayi lahir, dipahing ulah dieyong-eyong ku samping.

Tu kungsi lila putri jin ngandeg tug ngalahirkeun putrana anu munggaran dingaranan Raden Surya Kancana. Lajeng medal deui nu kadua, diparengkeun ieu mah orok awewe, dingaranan Raden Endang Sukaesih. Sababaraha poe ti harita brol deui orok anu katilu, orok lalaki dingarannan Raden Andaka Wirusajagat. Nu jadi akina eta orok, nyaeta raja jin Islam Syeh Jubaedi, ngingetan ka nu jadi anak mantuna yen ulah poho kana pantrangan.

Rupina takdir teu bisa dipungkir, kadar teu bisa disinglar, papasten ti Yang Widi, amanat kaluli-luli. Raden Jayasasana sareng garwana lap hilapkana amanat du didugikeun ku sepuhna. Pantrangan keur tilu orok putrana, eta tilu orok teh diayun-ayun, pedah ngear wae. Ana belsat teh eta tilu orok ngapung, ngabelesat, les ngiles.

Ceuk catur kapungkur, isuk jaganing geto nu cikal Raden Surya Kancana baris ragrag tur saterusna ngageugeuh di Gunung Gede Cianjur. Pon kitu deui nu kadua Raden Endang Sukaesih, ragrag di Gunung Cereme, Cirebon.

Atuh orok nu katilu nyeta Rade Andaka Wirusajagat, nyusul, ieu mah ka kulon ragragna di Gunung Kumbang, Karawang. Saterasna eta tilu putra Jayasasana teh dugi ka kiwari dipercanten ku masyarakat umumna janten nu ngageugeuh di wewengkon sewing-sewangan.

Sabada kanjantenan aheng eta, Raden Jayasasana mulih deui ka alam manusa, nya carita harita medal sila pikeun nyukcruk pilembureun nyebarkeun agama Islam, nyubadanan amanat ti nu janten guruna. Lengkah demi lengkah, poe demi poe, minggu demi minggu nepi ka aya bulanna, Raden Jayasasana anu kebat ngulon mapay-mapay sisi Citarum anu ahirna anjog, bras nepi ka wewengkon Cijagang, pernahna di Cikundul, Cikalong-Cianjur.

Ti harita, Raden Jayasasana baris muka deui hiji carita sajarah pikeun purakeun jaga anak incu urang Cianjur, umumna carita keur urang Sunda. Cag! (***)

Dikutip dari buku dongeng Asal Usulna Hayam Pelung karya Tatang Setiadi, yang mendapatkan penghargaan Sastra Rancage Tahun 2012. 




Tulis Komentar Facebook

Komentar Facebook

Bijaksana dan bertanggung jawablah dalam berkomentar, karena sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE